Tuesday, February 22, 2011

WAWANGSALAN


Nu disebut wawangsalan teh kaasup salah sahji bagéan tina sisindiran, nyaéta sisndiran anu diwangun ku dua ungkaa sualan atawa bisa ogé dihijikeun jadi sapada dina wangunan pupuh nu kudu ditéangan asalna (wangsalna)

Contona: Bulu panon wates taar

Apanan seueur anu geulis (halis)

Ungkara kahiji nerangkeun ngeunaan bulu panon nu jadi wates panon jeung tarang (taar). Eta ungkara sualan anu kudu diteguh angsalna. Dina ungkara kadua dinerangkeun eusi tina maksud anu sabenerna.

Pikeun neguh angsal (wangsal), salian ti urang kudu ngarti maksud ungkara kahiji, urang kudu merhatikeun koncina dina ungkara ka dua. Sabab asal (wangsal) anu kudud di teguh ku urang téh aya patalina jeung konci, mangrupa purwaanti sora. Jadi urang kudu neguh bulu panon nu jadi wates tarang ( taar) jeung kudu murwakanti jeung kecap geulis. Ku urang bisa ka tguh pasti asalna (wangsal) tina ungkara kahiji jeung ka dua teh nyaeta halis.

Wawangsalan salian ti dipake dina pupuh téh sok dipake dina omongan biasa minangka mamanis basa. Dina wangun omongan biasa mah tampolanna cukup ku nyebutkeun ungkara cangkangna (kahiji) wungkul, sedeng ungkara ka dua (eusina) dianggap geus bisa kaharti kunu diajak nyarita.

Contona: “Geuning ibuna, ari parantos pancakaki mah deukeut – deukeut anak taleus Mang Sumiatra teh sanes deungeun- deungeun bet tunggal dulur kénéh, “ceuk Pa Agus ka Bojona.

Ungkara deukeut- deukeut anak taleus sabenerna mangrupa wawangsalan, ngan ku sabab aungkara kadua (eusina) geus dianggap dikanyahokeun kunu diajak nyarita, teu disebutkeun deui. Salengkepna; deukeut- deukeut anak taleus, nyangkéwok teu kanyahoan. Anak taleus disebutna téwok, murwakanti jeung kecap nyangkéwok.

Jadi, dipakena wawangsalan dina kalimah teu togmol, merlukeun kasurtian. Nuditulis atawa nu diucapkeun dina kalimah ungkara cangkang, sedeng nu dimaksud mah ungkara dina eusina (Dand).***

Di Cutat tina koran Galura

1 comment:

  1. JAMU JAMUJI MONEY (10/28/2017) – JAMUJI MONEY - JAMUJI MONEY (10/28/2017).
    JAMUJI MONEY. PRICE. titanium astroneer SKU. Varies. 4.49 m. ROI. NO. titanium magnetic VAT. 10.02. VAT. 0.51. titanium grades VAT. VAT. VAT. 0.52. VAT. 0.53. VAT. 0.53. VAT. VAT. 0.53. VAT. 0.53. titanium plumbing VAT. 0. 출장샵

    ReplyDelete